Rabu, 04 Oktober 2017

Gila Ketahuan narkoba di simpan di V perempuan

Surabaya - Kapolda Jatim Irjen Pol Machfud Arifin prihatin peredaran narkoba saat ini.

Apalagi peredarannya dilakukan berbagai cara hingga dimasukkan ke alat kelamin wanita.

Kepala Kejati Jatim Maruli Hutagalung terkejut mengetahui narkoba bisa disimpan di kelamin wanita.

"Yang agak aneh barang ini (bungkusan sabu), dimasukkan ke kelamin wanita.

Ini seroang perempuan yang berangkat dari Malaysia dan memasukan barang (narkoba) ke kemaluannya sejak perjalanan dari Malaysia.

Ini cukup memprihatinkan," ujar Kapolda Jatim di sela pemusnahan barang bukti di Mapolda Jatim, Jalan A Yani, Surabaya, Rabu (4/10/2017).

Selain itu, penyelundupan narkoba diselipkan ke alas sandal dan besi pegangan koper yang digagalkan bea cukai dan kerjasama dengan polisi.

Polisi juga mengungkap 7,4 juta obat keras yang dilarang edar oleh pemerintah, pil carnophen.
"Ini cukup memprihatinkan kita.

Kita apresiasi penyidik dan bekerjasama dengan bea cukai dan instansi lainnya untuk mengungkap peredaran narkoba," jelasnya.

Sementara Kajati Jatim Maruli Hutagalung sempat kaget ada modus pengedaran narkoba yang dimasukkan ke alat kelamin wanita.
"Luar biasa buat penyidik, bisa menemukan barang (narkoba) yang disimpan di alat kelamin wanita. Saya kira, ini baru pertama yang saya tahu.

Tapi ini bisa diketahui oleh penyidik, luar biasa. Kita apresiasi buat penyidik khususnya memberantas narkoba," ujar Maruli.

Kajati pun masih penasaran dua bungkus narkoba itu bisa dimasukkan sekaligus ke alat kelamin wanita. "Kita apresiasi ke penyidik yang mengungkap barang di kelamin wanita. Kok bisa ya. Saya nggak tahu. Apa nggak sakit," ujar kajati.

Dalam pemusnahan ini, selain Kapolda Jatim, juga dihadiri Kepala Kejati Jatim Maruli Hutagalung serta pejabat dari kantor imigrasi kelas I Surabaya Waru, kantor bea cukai Juanda, hingga dari lanudal.

ALFA BET

A - ALPHA
B - BRAVO
C - CHARLIE
D - DELTA
E - ECHO
F - FOKTROT
G - GOLF
H - HOTEL
I - INDIA
J - JULIET
K - KILO
L - LIMA
M - MIKE
N - NOVEMBER
O - OSCAR
P - PAPA
Q - QUEBEC
R - ROMEO
S - SIERA
T - TANGGO
U - UNIFORM
V - VICTOR
W - WHISKEY
X - XRAY
Y - YANGKEE
Z - ZULU

AKIBAT DO'A TIDAK DI KABUL

1. Kamu sekalian telah mengetahui / berma'rifat kepada Allah swt, akan tetapi kamu sekalian tidak memenuhi hak haknya.

2. Kamu sekalian telah membaca Al Qur'an, akan tetapi kamu tidak mengerjakan apa apa yang ditunjukkan oleh Al Qur'an itu.

3. Kamu sekalian mengaku diri cinta kepada Rasulullah saw, akan tetapi kamu meninggalkan sunahnya.

4. Kamu sekalian mengaku diri bermusan dengan setan akan tetapi kamu sekalian mentaatinya serta menyepakati perbuatan.

5. Kamu sekalian mengaku akan masuk sorga, akan tetapi kamu tidak melakukan untuk sorga itu.

6. Kamu sekalian mengaku diri akan selamat dari neraka, akan tetapi kamu menceburkan dirimu kedalam neraka.

7. Kamu sekalian mengatakan bahwa mati itu pasti benar, akan tetapi kamu tidak bersiap siap untuk mati itu.

8. Kamu sekalian sibuk mengurusi cela saudara saudaramu, akan tetapi kamu tidak mau tau terhadap celamu sendiri.

9. Kamu sekalian telah makan/merasakan  ni'mat pemberian Allah swt, akan tetapi kamu tidak bersyukur kepadanya.

10. Kamu sekalian telah mengubur orang orang yang telah mati dari antaramu, akan tetapi kamu tidak mengambil i'tibar atau pelajaran.

SEMOGA BERMANFAAT ... AAMIIIN
YD1JNI.

Acara serah terima pernikahan

1. Pembukaan.
2. Penyerahan ti pihak calon pengantin pria.
3. Penerimaan ti pihak calon pengantin wanita.
4. Secara simbolis di kasihkan oleh orang tua pria, menyerahkan salah satu cacandakan, diterima oleh  orang tua wanita.
5. Pembacaan al qur'an ole..
6. Akad nikah di pandu oleh pihak KUA.. Arcamanik.
7. Sungkeum.

Selanjutnya acara adat dipimpin oleh ibu rias.

8. Mengucapkan selamat/pangbagea kepada kedua mempelai.

Itulah susunan acara pernikahan. Pada hari minggu tanggal 8 oktober 2017 M. bertepatan tanggal 18 muharam 1439 H.

KODE ETIK AMATIR RADIO

TRIMAKASIH
YD1...
YD1JNI AKAN MEMBACAKAN.

KODE ETIK AMATIR RADIO.

Amatir radio berjiwa perwira:
Secara sadar ia tidak akan menggunakan udara untuk kesenangan pribadi. Sedemikian rupa sehingga mengurangi kesenangan orang lain.

Amatir radio adala setia:
Ia mendapat izin amatir dari pemerintah karena organisasinya dan ia akan setia dan patuh kepada negara dan organisasinya

Amatir radio adalah progresip:
Amatir radio selalu menyusuaikan stasiun radionya setingkat dengan ilmu pengetahuan. Ia membuatnya dengan baik dan effisien. Ia mempergunakan dan melayaninya dengan cara yang bersih dan teratur.

Amatir radio adalah seorang ramah tamah:
Jika diminta.  Ia akan mengirim beritanya dengan perlahan dan sabar. Kepada yang belum berpengalaman ia memberi nasihat. Pertimbangan dan bantuan secara ramah tamah. Inilah ciri-ciri khas amatir radio.

Amatir radio berjiwa seimbang:
Radio merupakan hobbynya. Ia tidak akan memperkenankan hobbynya mempengaruhi kewajibannya terhadap rumah tangga, pekerjaan, sekolah atau masyarakat sekitarnya.

Amatir radio adalah seorang patriot:
Ia selalu siap sedia dengan pengetahuan dan stasiun radionya untuk mengabdi kepada negara dan masyarakat.

frekwensi kami kembalikan kepada YC1ZAF disini YD1JNI gohead.

Selasa, 03 Oktober 2017

Conto tek sawer panganten

Conto Teks Sawer Panganten I

1. Bismillah damel wiwitan
Mugi Gusti nangtayungan
Eulis- Asép nu réndéngan
Mugia kasalametan

2. Salamet nu panganténan
Ulah aya kakirangan
Sing tiasa sasarengan
Sangkan jadi kasenangan

3. Sing senang laki rabina
Nu diwuruk pangpayunna
Nyaéta badé istrina
Masing dugi ka hartina

4. Hartikeun eulis ayeuna
Lebetkeun kana manahna
Manawi aya gunana
Nu dipamrih mangpaatna

5. Mangpaatna lahir batin
Eulis téh masing prihatin
Ayeuna aya nu mingpin
Ka carogé masing tigin

6. Tigin eulis kumawula
Ka raka ulah bahula
Bisi raka meunang bahla
Kudu bisa silih béla

7. Silih béla jeung carogé
Ulah ngan pelesir baé
Mending ogé boga gawé
Ngarah rapih unggal poé

8. Répéh rapih nu saimah
Rumah tangga tumaninah
Tapi lamun loba salah
Laki rabi moal genah

9. Bisi teu genah ku raka
Prak baé wakca balaka
Lamun raka goréng sangka
Buru bawa suka-suka

10. Suka-suka ti ayeuna
Da eulis atos laksana
Ngajodo anu sampurna
Ngahiji salalamina

11. Salamina saréng dulur
Eulis kudu bisa akur
Akuran ka unggal lembur
Sangkan jadi buah catur

12. Mun catur sing seueur bukur
Ulah ngan kalah ka saur
Napsuna ulah takabur
Hirup resep loba batur

13. Sareng batur kudu jujur
Layeut reujeung nu sakasur
Runtut raut salelembur
Nagara gé subur ma’mur

14. Subur ma’mur sauyunan
Mun aya tamu payunan
Tapi ulah timburuan
Boh bilih silih benduan

15. Ngabenduan ka carogé
Ngan ulah paséa baé
Énggal atuh geura hadé
Ambéh geugeut saban poé

16. Saban poé ulah lali
Titik rintih suci ati
Témbongkeun sing béar budi
Ciri nyaah ka salaki

17. Lalaki mun sok nyandung
Omat ulah waka pundung
Komo lamun bari bingung
Keun antep sina ngaberung

18. Ngaberung tong dihalangan
Asal cukup sandang pangan
Sina lilir ku sorangan
Sangkan panggih kasenangan

19. Senangkeun eulis pikiran
Pikiran didadasaran
Tukuh muntang ka Pangéran
Supaya meunang ganjaran

20. Ganjaran ti Maha Suci
Énggal atuh geura tampi
Ayeuna eulis ngahiji
Sakapeurih sakanyeri

21. Sakanyeri jeung salaki
Mun eulis seueur rejeki
Poma ulah sok kumaki
Masing tumut ka salaki

22. Tumutkeun eulis ayeuna
Ayeuna tos laksana
Laksana datang jodona
Haté bangblas lalugina

23. Lugina dunya ahérat
Gusti maparinan rahmat
Kana waktu ulah telat
Disarengan silih hormat

24. Silih hormat ka sasama
Sing nyaah ka ibu rama
Lakonan paréntah agama
Tangtuna hirup sugema

25. Sugema hirup di dunya
Nyaéta kudu tatanya
Rék nanya pék kanu enya
Badanna buru ditanya

26. Tanya baé ku haténa
Tah éta pikeun saksina
Saksi diri pribadina
Nu tara jalir jangjina

27. Mun jangji nu ngajadi
Éta jangji anu pasti
Pasti jodo ti ajali
Pikiran céngéng ka Gusti

28. Gusti mah teu weleh nyaksi
Nyaksi gerentesna ati
Ucap lampahna kasaksi
Satincak-tincakna ngarti

29. Hartikeun masing karaos
Ulah luas-luis léos
Sumawonna poporongos
Pilari jalan nu raos

30. Raoskeun jaga ku eulis
Eulis ulah sok gumeulis
Najan geulis baris ledis
Ninggang mangsa titis tulis

31. Titis tulis bagja diri
Patokan nu ti ajali
Kajeun siga widadari
Da moal beunang dibeuli

32. Dibeuli ku harta banda
Da moal bisa kajaga
Nu tangtu bakal ngaduda
Nyicingan di alam baka

33. Alam baka kalanggengan
Langgeng rasa ka Pangéran
Supaya ulah rayungan
Ngabogaan papacangan

34. Boga rasa kudu ngarti
Tata titi surti arti
Kudu silih beuli ati
Pikiran dadamelan Gusti

35. Gusti Allah nu kawasa
Ngayakeun dunya tiasa
Pepek eusi dunya rosa
Sayagi pikeun manusa

36. Manusia mahluk punjulna
Palinter pangabisana
Ngakalan eusi dunyana
Nu kantun tumarimana

37. Tumarima ka Pangéran
Tumutkeun kana dawuhan
Qur’an hadis tuduh jalan
Ti para Nabi panutan

38. Panutan urang sadaya
Poma ulah rék cangcaya
Sadaya kudu percaya
Ka Gusti Allah nu Mulya

39. Mulyana nu Maha Agung
Sing saha baé ditulung
Ku bumi alam dijungjung
Nyaahna kaliwat langkung

40. Nyaah baé nu Kawasa
Ka masing-masing manusa
Ulah dir gagah perkosa
Bisi urang loba dosa

41. Dosa mah ti pada jalmi
Welas asih ka sasami
Micinta ka lemah cai
Layeut jeung batur sabumi

42. Sing layeut laki rabina
Ulah aya kuciwana
Silih anteur kahayangna
Akur reujeung barayanna

43. Mun akur ka sadayana
Témbongkeun budi basana
Nu bener tingkah polahna
Supaya hirup sampurna

44. Sampurna euis ayeuna
Yap ka dieu pamegetna
Bapa badé ngawurukna
Diregepkeun ku asépna

45. Regepkeun téh ku haténa
Bapa mépélinganana
Tadina asép ngaduda
Ayeuna mah gaduh garwa

46. Sareng garwa kedah layeut
Sing rapet sacara leugeut
Poma ulah pikir heureut
Sangkan silih pikameumeut

47. Mikameumeut sareng bojo
Laksana asép ngajodo
Tapi lamun ngabobodo
Bojo moal mikasono

48. Mun sono asép ka istri
Sing pageuh saperti patri
Campur gaul sareng santri
Kalayan ati nu suci

49. Nu suci pasti beresih
Tara aya nu dipamrih
Ka bojo teu weléh asih
Sagala sareng pamilih

50. Pilih ku asép ayeuna
Nya pék tanya ku haténa
Nu goréng jeung nu hadéna
Sing karasa ku dirina

51. Diri pangasih Gustina
Gusti mah moal nyiksana
Moal badé ngaganjarna
Kumaha waé amalna

52. Amal hadé tangtu genah
Laki rabi tumaninah
Lamun amal anu salah
Jaga baris nyorang susah

53. Susah lamun teu ngarobah
Nu ngajak ngarah ngarinah
Napsu nu mawa sarakah
Pék atuh paké ibadah

54. Mun ibadah anu tangtu
Bagikeun kanu pihatu
Mikeuna tong ragu ragu
Bilih istri janten bendu

55. Bendu istri asép bingung
Ulah waka sok ditundung
Lamun istri terus pundung
Pangmésérkeun geulang kalung

56. Geulang kalung serba saé
Énggal atuh geura anggé
Dianggéna saban poé
Nu kantun pelesir baé

57. Pelesir eulis ka kota
Tah bawa duit sajuta
Mun aya kahayang ménta
Tatapi ulah lahuta

58. Lahuta aya kahayang
Nyariosna ngagorolang
Nu bakal moal kasorang
Pikir anu mawa Bingbang

59. Bingbang bongan sok sulaya
Mikahayang anu teu aya
Ahirna pakia-kia
Ngajauhan ka baraya

60. Baraya lamun ngahiji
Éta nu langkung utami
Hubungan anu sajati
Ngariung sapara wargi

61. Wargi asép sadayana
Sakitu mikadeudeuhna
Barungah dina manahna
Nu janten ibu ramana

62. Ibu rama ngiring bungah
Asép ngagaduhan garwa
Istrina lamun satia
Hiji baé tong ngadua

63. Ngadua gaduh istrina
Moal bérés salamina
Pakucrut rumah tanggana
Mun teu cocog jeung agama

64. Éra atuh ku tatangga
Sapopoé ngan paséa
Ku istri dipikangéwa
Ku tatangga diléléwa

65. Lamun boga harta banda
Sing kuat nahan gogoda
Bisi kagoda ku randa
Pikir heula jero dada

66. Pikir asép sing waspada
Supaya teu ngarasula
Mun keukeuh pikir midua
Akibat jadi paséa

67. Paséa jeung pamajikan
Napsu sétan barangasan
Teu ngajadi kauntungan
Tetep dina karugian

68. Rugi lamun ngumbar napsu
Napsu pangajak nu palsu
Ngaranjing ngajadi asu
Nu tangtu badan kalangsu

69. Kalangsu bongan sorangan
Osok daék ririungan
Mimitina heuheureuyan
Dina tempat pamaénan

70. Maén dadu maén kartu
Éléh meunang tacan tangtu
Mun meunang udud surutu
Mun éléh ngobral sapatu

71. Ngobral barang kawalahan
Harta banda dijualan
Di imah awut-awutan
Lebur ancur bébéakan

72. Béak duit dipikiran
Éléh maén kawalahan
Tapi keukeuh panasaran
Napsu teu beunang ditahan

73. Ditahan henteu katahan
Dipikir terus-terusan
Datang napsu panasbaran
Sétan iblis ngadeukeutan

74. Sétan nu ngajak jarambah
Nu mawa kana sarakah
Dipaké kana awuntah
Disorang napsu nu runcah

75. Rucahna antep-antepan
Teu ngarérét réréncangan
Cicing dina palacuran
Teu inget ka pamajikan

76. Pamajikan teu dirérét
Duit metet dina dompét
Tapi méré kékéréhét
Ku tarik-tarikna pélét

77. Kapélét ku pamakéna
Pabeulit pikiranana
Teu karasa ku dirina
Diumbar waé napsuna

78. Napsuna mangprung ngaberung
Teu aya anu dirarung
Miboga rasa adigung
Tungtungna ripuh jeung bingung

79. Bingung bongan osok salah
Teu bisa nahan amarah
Jangji ka batur sok gaplah
Teu inget kana papatah

80. Papatah ti para sepuh
Ulah boga rasa angkuh
Mun jangji kudu sing tukuh
Ucap lampah masing ampuh

81. Masing ampuh ti ayeuna
Sing bisa mawa hirupna
Jauhkeun napsu goréngna
Deukeutkeun napsu hadéna

82. Deudeuh teuing putra ibu
Omat tong ngalajur napsu
Ulah maén lacur ngadu
Mun bener nyaah ka ibu

83. Nyaah deudeuh mikasono
Ciri pola kanggo conto
Mangka hadé ulah poho
Bojo téh bawa lalajo

84. Lalajo bari pelesir
Tingali sisi basisir
Sugan awas tina pasir
Alam dunya geura taksir

85. Geura taksir pangaturan
Dadamelanna Pangéran
Aya gedong matak héran
Luhur pageuh nanakéran

86. Teu ngaruag teu ngariek
Sakitu eusina uyek
Pirang-pirang nu ngaleyek
Tapi hanteu ngarempeyek

87. Ya Allah anu ngayuga
Ieu alam ngan nyalira
Bumi langit gé tohaga
Eusina mani pohara

88. Eusi dunya warna-warna
Cahaya panon poéna
Sato tatangkalanana
Cawisan keur manusana

89. Manusa maruji sukur
Ka Gusti Allah nu ngatur
Pangantén sing subur mamur
Kalayan hirupna jujur

90. Masing jujur sahaluan
Ayeuna asép duaan
Ulah aya pacéngkadan
Sing bisa silih bélaan

91. Béla pati jiwa raga
Dunya katut ahératna
Ku asép kudu dijaga
Sangkan eulis gumbirana

92. Gumbira nu panganténan
Papatah tamba lumayan
Ku eulis asép lenyepan
Nyawérna téréh wekasan

93. Nyawér téh turun tumurun
Tuturunan ti karuhun
Pamugi ulah dikantun
Sawér turun hatur nuhun

94. Sawér hartina panggeuing
Papatah geura nyararing
Dangding bari ngahariring
Pépéling masing aréling

95. Aréling urang sadaya
Ka Gusti Allah nu Mulya
Ulah aya panca bahya
Sadaya mugi waluya

96. Waluya para wargina
Rawuh para panganténna
Gumuruh rasa batinna
Caang haté ka gustina

97. Gusti abdi muji nuhun
Ngumbara mangtaun-taun
Ku bumi alam dilahun
Nimat kateda kasuhun

98. Duh Gusti nu langkung héman
Mugi sadaya sing iman
Nya netepan kaislaman
Mugi maot mawa iman

99. Bapa nyawér téh parantos
Mung kantun badé wawartos
Ka ondangan nu ngarantos
Mugi sami pada ngartos

100. Pada ngartos sadayana
Nu dicarioskeunana
Lebetkeun kana manahna
Naropong jalan sampurna

Sungkeun ka kolot anak nu ayar panganten

Mangga ka sapasang panganten, geura lumampah nyaketan kana pangkonan ibu rama.

A’udzubillahi minasy syaithonirrojim
Wawashshoinal insaana biwaalidaihi hamalathu ummuhu wahnan ‘ala wahniw wafishooluhuu fii ‘aamaini anisykurlii waliwaalidaika ilayyal mashiir (Luqman : 14)

“Jeung Kami geus marentahkeun ka manusa (pikeun ngabakti) ka indung bapana; indungna geus ngakandung manéhna dina kaayaan lemah anu kalangkung-langkung lemahna, jeung indungna ngasuh manéhna salila dua taun.

Kudu syukuran ka Kami jeung ka indung bapa manéh, ngan ka Kami wungkul manéh mulang ka asal. (Luqman : 14)

Kasép, Geulis.
Heup eureunkeun lengkah anjeun duaan dipayuneun ibu rama.

Teuteup kalawan geugeut pameunteu marantenna.

Sawang ku hidep duaan ka alam ka tukang anu jauh narawangan.

Pék patepungkeun paneuteup ajeun jeung paneutep indung bapa.

Bayangkeun ku hideup yén dina satétés getih anu ngalémpéréh, sahégak nafas anu ngadami dina angen.

Pék rarasakeun ku hidep ratugna jajantung, rénghap ranjugna rarasaan.

Tamperkeun dina sirah, seuseup ngaliwatan napas lalaunan singreup alon-alon, kalayan rarasakeun yén hidep téh keur nyeuseup kanyaah jeung kahémanna indung bapa.

Prak, mangga ujang-nyai. Kasép – Geulis, geura nyaluuh kana lahunan indung.

Saméméh hidep duaan barang pénta kanu jadi indung, pék haturananan heula tawis rasa tumarima ngalangkungan basa ka anjeuna.

Kalayan dimimitian ku keretegna manah.

Uningakeun kanu janten ibu, kieu unina : “Mamah, dina danget ieu kalayan syaré’atna disakséni ku kadang wargi anu hadir di dieu, hakékatna disakséni ku Alloh SWT, langkung tipayun abdi seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketik kabingahan kana kasaéan anu parantos dipaparinkeun ka abdi.

Abdi jelas kahutangan ku Mamah, ti kawit abdi di kandung anu ilaharna salami salapan sasih, tangtos kapayahan anu langkung-langkung.

Siang kalayan wengi Mamah teu weléh sumujud ka Rabbul ‘Izzati, tumamprak ka Gusti Alloh neneda palay dipaparin putra-putri anu sampurna salamet, waluya sapuratina.

Kasawang ku abdi kasusah Mamah, nalika bureuyeungan, seunggah gulang gasahan.

Patuangan nyelekit beuki narikan. Celekit dina parindikan, jeletot dina bobokong, reyang-reying teu betah cicing.

Harita basa tengah peuting Mamah humarurung nyalira.

Sakawitna moal ngageumpeurkeun balaréa.

Sugan jeung sugan kanyeri dina patuangan bakal ngurangan.

Nanging sanés ngurangan nyeri anu aya, malihan tambih-tambih nyeri.

Harita, Mamah ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat.

Ménta tulung, ménta nyalindung.
Mamah parantos béak déngkak nahan kanyeri jeung kapeurih.

Luut léét kesang badag, késang leutik burayoan maseuhan sakujur salira.

Guyang darah, mandi getih, sakapeung dibarung ku kasusah, sakapeung haté tugenah.

Harita Mamah parantos ngaboreuhkeun jiwa raga, nyawa pingaraneunana.

Anu namina ngajuru, luyu sareng istilahna.

Hartina nyawa Mamah téh aya dina sajuruna deui.

Dina waktu Mamah ngalahirkeun abdi, Mamah bajuang dina tungtung hirup.

Tanaga Mamah, engapan Mamah, kesang Mamah, cai soca Mamah, getih Mamah nyurugcug maseuhan bumi pikeun mélaan anu jadi anak.
Nalika gubrag si jabangbayi gumelar ka alam dunya, denghékna sora orok ceurik sataker kebek, ceurik munggaran anu minuhan wewengkon alam.

Nya harita pisan basa ninggang kana wanci subuh abdi lahir ka alam dunya.

Ti harita Mamah teu bisa kulem anu tibra, teu bisa léha-léha.

Ngupahan tur ngabélaan nu jadi anak.

Budak gering milu gering, budak rungsing henteu pusing.

Mamah milampah sadaya kabutuh nu jadi anak dumasar kana kaikhlasan jeung ngagedurna rasa kanyaah anu taya wates wangenna.

Mamah, mugia dina danget ieu, wanci kiwari abdi ngésto tina lelembutan abdi anu pangjero-jerona, tina mamaras manah anu sadasar-dasarna abdi neda hampura tida samudaya dosa perdosa.

Tinangtos dosa abdi anu janten putra moal kaétang seueurna.

Abdi yakin sanajan sakumaha benduna, Mamah lautan hampura jembar manah tiasa ngahapunten ka abdi.

Deudeuh teuing kasép, geulis anak Mamah saleresna kasedih Mamah dina danget ieu lain kusabab kapusingna indung kanu jadi anak.

Keun sagala kasalahan anu geus dipilampah kuhidep dina waktu anu ka tukang-tukang ku Mamah dihampura.

Nanging anu ngalantarankeun Mamah sedih danget ieu téh nyaéta kabeurat haté indung kanu jadi anak.

Asa kamari hidep ku Mamah disééh, diakod-akod waktu orok, diméménan waktu budak.

Harita basa hidep gégag-gégag diajar leumpang, bari sakapeung titotorojol ti kajauhan hidep tékah-tékah bari tuluy ngagabrug kana lahunan Mamah.

Bungah amar wata suta haté anu jadi indung, nalika nu jadi anak tumuwuh mekar kalayan sampurna.

Kiwari, ti harita mangsa ngaliwat bari teu karasa.

Geuning si kasép anu dihancleung-hacleung ku Mamah, si Geulis anu ditimbang-timbang ku Mamah teu sangka geuning geus sawawa, dewasa, manjing milampah rumah tangga.

Nyukcruk galur sunnah Rasul, mapay lacak papagon agama.

Samémangna parantos titis tulis ti ajalina, gurat qodar nu Mahakawasa.

Hidep kiwari seja ngamimitian ngabaladah sagara rumah tangga.

Geura bral miang, bébér layar tarik jangkar ku Mamah didu’akeun mugia sing tinemu jeung kabagjaan dunya katut ahérat.

Mangga kasép, geulis geura ingkah tina lahunan Mamah ngalih kana panggonan Bapa
Prak tumamprak, rep sidakep, sir budi cita rasa.

Sagulung-sagalang sukma nu paanggang kiwari ngahiji dina seuseukeut kaasih kolot kanu jadi anak.

Ujang, nyai – kasép, geulis. Sok puseurkeun panyawang hidep kana kanyaah nu jadi Bapa ka nujadi anak dina salila ngipayahan, nyumponan kabutuh hirup nu jadi anak.

Sakapeung mah Bapa téh mindeng baringung, ditambah bangluh kasusah nalika teu bisa nyumponan kahayang nu jadi anak.

Bapak rajeun ngalamun, mikiran tur narékahan kumaha carana sangkan kahayang nu jadi anak bisa kacumponan sapuratina.

Lamun indung disebutna tunggul rahayu, sedengkeun Bapa disebutna tangkal darajat.

Kanyaah indung jeung bapa ka nu jadi anak layeut ngahiji ngawujud, ngajéngélék dina rupa anak.

Nu matak dina jirim anak bakal pacampur tétésan-titisan indung bapana.

Nya kitu deui dina akhlak jeung pamolahna bakal ceplés téés kanu jadi anak.

Bapa, rumaos abdi mindeng musingkeun ka Bapa.

Dina danget kiwari clik putih jatining bersih, clak hérang jatining padang, ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal, getih satétéh ambekan sadami, kiwari abdi neda jembar hampura tinu jadi Bapa.

Baeu kasép, geulis. Malati lingsir na ati, angsana ligar ku mangsa.

Hamo lingsir dina wanci, moal ligar dina mangsa.

Kiwari wanci tur mangsana Bapa dumareuda wakca balaka ka hidep duaan.

Sabenerna, gunung karahayuan, pasir kaasih, sagara kanyah Bapa kahidep téh mémang langka kakedal ku lisan, jarang karaba ku carita.

Nanging sok sanajan kitu, ngahunyudna kanyaah Bapa ka hidep téh tinangtos langkung-langkung kanyaah.

Sabab, sagala rupa anu diusahakeun ku Bapa bélaan ngadua-duakeun huap, ti sruk-sruk tidungdung bélaan poho ka temah wadi, teu aya lian nyaéta mélaan nu jadi anak.

Melak kai, ngingu sapi tur sagala cacawisan hirup taya lian nyaéta ngakirangan nu jadi anak.

Keun urang teundeun kakeuheul anu geus harareubeul, cag urang tunda kangéwa anu geus tiheula.

Urang ganti ku budi anu sajati, ku wajah anu marahmay.

Sok ku Bapa kiwari hideup dihampura, sagala rereged, kaijid, kangéwa, tur kageuleuh Bapa kiwari balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan.

Cag, anaking geura tandang miang makalangan, geura milampah babarengan kalayan diwuwuh ku du’a nu janten sepuh.

Dijiad ku panghiap nu jadi Bapa. tong melang, tong salempang léngkahkeun sampéan bari ngucapkeun niat seja milampah tugasna Pangéran.

Tuh geuning, sagara tanpa tutugan. Sagara tanpa basisir geus ngagupayan ménta dikojayan.

Geura bral undur tina pangkonan, geura hontal kasinugrahan.

Hayu urang hirup babarengan, Bapa geus nyiapkeun kandaraan juang pikeun ngajugjug lembur pangharepan.

Sok ku bapa di do'akeu kasep sing tineukan cita cita. Hideup